semoga post ini bermanfaat :)
WANGUN
KALIMAH
Wangun kalimah nyaeta disebut oge bentuk kalimat.
Kalimah teh nyaeta bagian pang leutikna tina wacana atawa omongan nu ngebrehken
pikiran kalawan gemblengna. Wangun kalimah dibagi janten dua:
1.
Kalimah salancar
2.
Kalimah ngantet
1.
Kalimah salancar
Kalimah
salancar nyaeta kalimah anu diwangun ku hiji jejer (subjek) jeung hiji caritaan
(predikat) boh, diwuwuhken objek boh henteu, boh diwuwuhken katerangan boh
henteu.
Kalimah
salancar dibagi menjadi dua
a.
Kalimah salancar basajan
b.
Kalimah salancar jembar
a.
Kalimah salancar basajan
Kalimah
salancar basajan nyaeta kalimah ngan aya hiji jejer jeung hiji caritaan tetapi
iyos dipasihan objek.
Contoh:
1.
Neng Azka dangdan.
2.
Mang Karsim melak jagong.
3.
Hayam diparaban ku Zaki
b.
Kalimah salancar jembar
Kalimah
salancar jembar nyaeta kalimah anu diwangun ku hiji jejer hiji caritaan bo
diwuwuhken objek boh henteu, anu ditambahan ku katerangan.
Contoh:
1.
Kamari kuring lalajo maenbal.
2.
Kuring moal ngantor lantaran gering.
Upama ku urang dititenan, tetela deui bae, yen
katerangan teh loba rupana.Ku kituna, kuurang bisa digolongken dumasar kana
naon anu diterangkenana.
a.
Katerangan waktu
Katerangan
waktu nyaeta anu nerangken waktu nu mangsuna hiji kajadian atawa kaayaan.
-
Katerangan waktu kecap asal: kamari, ayeuna, bageto, bareto, cikeneh.
-
Katerangan waktu kecap rundayan: isukan, pasosore, pabeubeurang,
samemeh, sabada, sanggeus, jeung sajabana.
-
Katerangan waktu make kecap pangantet: ti subuh, ti Agustus, nepi ka poe
salasa dina bulan puasa, keur bulan januari, jeung sajabana.
-
Katerangan waktu gabungan kecap: poe ieu, bulan hareup, taun tukang,
sareureuh budak, wanci pecat sawed, tengah poe tengah peuting, bada asar jeung
sajabana.
b.
Katerangan tempat
Katerangan
tempat nyaeta anu nerangkeun tempat lumangsuna kajadian atawa kaayaan.
-
Katerangan tempat nu mangrupa gabungan kecap pangantet jeung kecap nu
mibanda ciri tempat: di dinya, ti dieu, ti dinya, ka ditu, nepi ka dinya, jeung
sajabana.
-
Katerangan tempat nu mangrupa gabungan kecap pangantet jeung kecap
barang nu mibanda ciri ngandung harti tempat: di banjar, ti tasik, ka sukabumi,
nepika bogor, di jambatan, di walungan, ti sawah, nepika number tilu jeung
sajabana.
-
Katerangan tempat nu mangrupa kecap rundayan: luhureun, handapeun,
tukangeun, kalereun, kencaeun jeung sajabana. Bisa oge dipiheulaan ku kecap
pangantet. Jadi: dina luhureun, tina handapeun, di gigireun, jeung sajabana.
c.
Katerangan tujuan
Katerangan
tujuan nyaeta katerangan anu nuduhkeun tujuan atawa maksud hiji kalakuan atawa
kajadian.Katerangan tujuan umumna dipiheulaan ku kecap pangantet demi, pikeun,
enggoning, keur.
Contoh:
demi bangsa jeung negara
d.
Katerangan cara
Katerangan
cara nyaeta anu netelakeun cara-cara lumangsungna hiji kajadian (peristiwa).
-
Katerangan cara wangun dasar diantarana kungsi, mindeng, osok, aya
kalana, jeung sajabana.
-
Katerangan cara kecap pangantet ku, kalawan, sacara nu dituturkeun ku
kecap barang: kalawan sumangat, sacara duduluran jeung sajabana.
-
Katerangan cara kecap pangantet dituturkeun ku kecap sipat: kalawan
tandes, sacara tegas, kulemah lembut jeung sajabana.
-
Katerangan cara kecap turunan: sagancang gancangna, saloba lobana,
bebeakan, jeung sajabana.
e.
Katerangan alat
Katerangan
aalat nyaeta katerangan anu netelakeun alat anu dipake enggoning ngalakukeun
hiji pagawean. Pangartia di die teu kudu nu mangrupa barang konkrit bae.
Katerangan akat biasana ngagunakeun kecap pangentet ku jeung kana nu ngandung
harti make, jeung kecap pangantet tanpa.
Contona:
-
Ku kampak
-
Kana beus
-
Ku ukuran barat
-
Tanpa bantuan sasaha
f.
Katarangan sebab
Katerangan
sebab nyaeta katerangan anu nuduhkeun sebab musabab atawa alesan lumangsungna
hiji kajaian, kaayaan, atawa pagawean.Wujud ieu katerangan sok ngagunakaeun
kecapa pangantet sabab, lantaran.
Contohna:
-
Sabab gearing
-
Lantaran kalakuan anakna
g.
Katerangan babandingan
Katerangan
babandingan nyaeta katerangan anu netelakaun sasaruan atawa meh sarua antara
hiji kaayaan, kajadian, sarta kalakuan jeung kaayaan, kajadian, serta kalakuan
sejenna. Ieu katerangan the sok dipiheulaeun ku kecapa pangantet saperti kawas,
jiga, ibarat, cara.
Contoh:
-saperti
kolot bae
-Kawas
ucing kamareumbi
-Jiga
nu keur mabok
- cara
urang barat
h.
katerangan panyarta
katarangan
panyarta nyaeta katerangan anu uhenteunahkeun aya henteuna jalma anu marengan
(ngabaturan) dina migawe hiji kalakuan, ieu katerangan the diwangun ku
ngagabungkeun kecap kantetan jeung, tanpa, atawa babarengan jeung kecap atawa frasa
anu tangtu. Eta kecap atawa frasa teh kudu mangrupa barang nyawaan atawa anu
dianggap boga nyawa.
Contona:
-
Jeung pangiringnaa
-
Tanpa pamajikanana
-
Babarengan jeung rahayat
2.kalimah ngantet
a. kalimah ngantet nyaeta dibagi menjadi dua:
1. kalimah ngantet satata
2. kalimah seler sumeler
1. kalimah ngantet satata
Kalimah
ngantet sateter nyaeta upami dua kalimah salancar atawa leuwih direndokeun,
hasilna
Teh kalimat ngantet satata (kalimat majemuk).Demi
hasilna aya nu isebut kalimah ngantet satata (kalimah majemuk sedarajat) jeung
kalimah ngantet saler sumeler (kalimah bertingka).
Kalmiah ngantet satata nyaeta rendonan (gabungan) dua
kalimat salancar atawa leuwih anu
sederajat atawa setata.
Contoh:
1.
manehna dahar minum jeung ngaroko
2.
tanahna legas serta subur
3.
baju the mahal tapi alus
aya deui kecap nu direndokeun jadi sakalimah make
kecap pang rendon tapi sareung jeung contoh :.
1.
a. Zaki maraban hayam
b.Zaki maraban meri
c. zaki maraban entog
di rendohkeun make pangrendong jeung:
jadina Zaki maraban hayam, meri, jeung entog.
Dumasar kadinya, kecap pangrendon the bisa dibagi
diantarana jadi:
1.
hubungan tambah
hubungan
tambah nyaeta hubungan anu netelaken tambah, jumlah, atawa gabungan kagiatan,
kaayaan, kajadian, jeung proses. Eta hubungan the dicirian ku pangrendon jeung,
sarta, atawa boh… boh….
Contoh:
manehna mukaken panto bari seuri sarta nitah asup ka kuring.
2.
Hubungan lalawan
Nu
dimaksud hubungan lalawan nyaeta hubungan nu nuduhkeun yen naon-naon anu
ditetel aken dina bagian kalimah kahiji lalawan, atawa teu sarua jeung naon-naon
anu ditetelakeun dina bagian kalimah kadua. Pangrendona biasanya dicirian
kukecap tetapi, lain….bae, tapi….deuh, lain ngan….wungkul, tapi….
Contohna:
anu heran the lain kuring bae tapi sakumna nu aya ti eta gedong deui.
3.
Hubungan pilihan
Hubungan
pilihan nyaeta hubungan nu netelaken pilihan diantara dua kemungkinan nu
ditetelakaen ku bagian-bagian kalimah anu dihubungkeunnana.Pangrendon anu
dipakena nyaeta atawa.
Contohna:
maneh the bogoh ka neng nok atawa neng tati?
2.
Kalimah ngantet seler sumeler
Kalimah
ngantet seler sumeler nyaeta gabungan kalimah anu henteu satata. Maksudna
Aya dua kalimah atawa leuwih. Terus digabungken dina
hiji kalimah. Kalimah-kalimah nu digabungken the henteu mibanda kalungguhan anu
sarua dina kalimah anyar. Jadi, salah sahiji aya nu jadi bagian tina kalimah
sejena. Kalimah anu jadi bagian kalimah sejenna.Kalimah anu jadi bagian kalimah
sejen urang sebut kalimah seler.Ari anu jadi kalimah utamana, urang sebut
kalimah lulugu.
Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu
nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna
ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa
dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju
batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.
Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi
kalimah lulugu.
- (A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
- (B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun
sababaraha hubungan:
|
Hubungan
|
Conto
|
|
1. Hubungan waktu: saprak, ti mimiti,
basa, nepi ka, saméméh, sanggeus, waktu,
jsb.
|
|
|
2. Hubungan sarat: saupama, lamun, asal,
jsb.
|
Manéh
pasti junun sakola lamun diajarna rajin.
|
|
3. Hubungan tujuan: sangkan, supaya, ambéh
|
Ambéh teu ceurik deui, budak téh dipangku geura.
|
|
4. Hubungan babandingan: saperti, ibarat, kawas,
tibatan
|
Piraku maneh teu percaya ka kuring salaku kawas ka
jalma saliwat bae.
|
|
5. Hubungan sabab: sabab, lantaran, alatan
|
Abdi kapaksa ngampik anjeuna sabab abdi tos aya nu
gaduh.
|
|
6. Hubungan akibat: nepi ka, akibatna,
nu matak, ku kituna
|
Geuringna kacida pamana, nepi ka harta bendana beak
dipake ku ubar.
|
|
7. Hubungan cara: kalawan, ku cara, bari
|
Persib bisa ngelehekeun bandung raya ku cara dibawa
maen pondok jeung cepet.
|
|
8. Hubungan kanyataan: padahal, ari, sedengkeun
|
Kuring keur ngapalkeun ari adik kuring kalah
rerengkenekan.
|
|
9. Hubungan pangjéntréyén
|
Tina omongana oge katangeun, yen manehna the lain
jalma jore-jore.
|
|
10. Hubungan atributip: anu ..., nu ...-na
|
Awewe nu make kabaya beureum the kabogoh kang
Dadang.
|
|
11. Hubungan konsésip: sanajan, sakumaha/kalah
kumaha/naon/saha .. (baé) ogé
|
Sanajan aya di langit ping pitu ku kuring moalleneh
diudag.
|